Langsung ke konten utama

Korban bank emok, cocok buat drama 8 orang

Narator awewe
Misbah-petani
Eman-salaki minah
Penagih bank-panagih keliling
Harun-tukang mangkatkeun jalma nu jadi tkw
Minah-tukang nyokotan emok
Dedeh-katua
Ucah-tukang nyokotan emok
yoyoh-tukang nyokotan emok
Narator:"sampurasun,aa aa teteh teteh,bapak/ibu guru,abdi teh rek nyaritakeun carita korban bank emok,jadi   jareumpling heula nya,seuri wios Ari aya nu lucu mah,abdi mulai nya nyaritana,di hiji daerah,loba anu nyarokot bank emok,bank emok teh nyaeta rame disebut bank kuriling,aya  hiji jalmi anu hobi nyokotan emok, tapi mayarna teu bisa, ngarana teh minah,di rorompokna,minah keur ngalamun bari nangkeup tuur jeung sirahna make koyo 2.
Minah:"hadeuh aingah,kedeung deui emok deuih,jobana teh salaki teu balik balik di kamari,leheung unggal balik sok mawa duit mah,iyeu mah tibang mawa seseuhan"
Terus salakina datang balik.
Eman:"asalamualaikum"
Minah:"walaikum salam,tah iyeu nya,lalaki teu tanggung jawab teh,awewe mah pusing mikiran emok,hees ge nyangkere duaan jeung budak,leheung balik mawa duit mah"(kesel)
Eman:"eleuh eleuh ari maneh salaki balik teh lain mah di titah dahar,dititah ngopi,iyeu mah naon,ngawek wek weh jiga kaleng rombeng"(kesel)
Minah:"nyaho maneh mah boga pamajikan kos kaleng rombeng,teu daek usaha,yeuh deuleu ku mata,koyo oge nang Nganjuk"
Eman:"heeh keula dah hayang dahar heula"
Minah:"dahar dahar, emang aya. dengeuna,boro Boro dengeuna,nyangu Oge hanteu,atuh lain nyatu di imah janda herang?(kesel)
Eman:"janda herang saha,mang otoy lain 😁,mang otoy janda herang,emang mun di imah janda herang kunaon,cemburu nya?"(bari seuri)
Minah:"saha nu cemburu,boga salaki kieu mah mejeuhna dibalangkeun,buru buru neangan gawe,kedeung deui rek setor emok yeuh, percuma balik ge,teu bisa dahar,buru buru"(bari ngadorongkeun salakina"
Terus salakina mangkat.
Minah:"percuma maneh mah balik oge,ari teu mawa duit mah, ngabalangsakeun"(kesel)
Di jalan aya mang misbah keur leumpang neangan tukang kuli.
Misbah:"duh aingah,mani hese banget neangan tukang kuli teh,kieu yeuh ari loba patani teh,neangan tukang kuli oge hese,masarakat iyeu mah pejuang receh kabeh tuda"
Terus mang eman liwat.
Eman:"eh aya mang misbah keur gelo, ngomong wae sorangan,aya masalah mang, ngomong atuh ka mamah Dedeh,pasti aya solusina, ulah ngomong sorangan,siga gelo"(bari keom)
Misbah:"urang teh kang keur neangan tukang kuli,hese euy,sugan ayeuna mah jelema teh teu butuh duitnya,pamajikana aremok wae oge"
Eman:"sarua mang,urang ayeuna keur butuh duit,si yayang ngadat wae
Hayangeun duit,emok coba kang tara dibayar,ngadeluk weh nyokotan,teu nyahoeun ngala duit teh hese"(kesel)
Misbah:"akang keur butuh duit,akang kuli weh di simkuring?
Eman:"nu bener,emang kuli naon mang?
Misbah:"biasa macul,nyieun gagaleung"
Eman:"tapi mayar jatah na iraha?
Misbah:"ayeuna oge jadi,tenang gede jatah na mah,kade,ulah ngagadekeun motor lanceuk deui"(seuri)
Eman:"nya moal atuh kang"
Di imah dedeh, karumpul ibu ibu nu nyokot emok.
Dedeh:"heh ceu,eta ceu minah tara mayar wae nya,bang hayang nyokotan weh doang,teu hideung jelema teh"(kesel)
Ucah:"heeh nya,bang nyokotan weh doang,sudi mayaran mah"(kesel)
Yoyoh:"cuang sita yu barang barang imahna,satung tung manehna can mayar mah,ngke mun manehna teu bisa mayar wae,jual barang barangna"
Dedeh:"tumben eceu pinter"
Ucah:"heeh urang satuju,piraku urang mayaran, manehna mah ngeunaheun nyantai weh di imah"
Dedeh:"hayu urang cuang ka imah ceu minah,kaenakan"(ngambek)
Yoyoh:"heeh tara mikir,hayu cuang rempug biang kerok eta"(ngambek)
Terus maranehna langsung on the way ka rorompok minah.
Di imah minah,minah keur ngalamun.
Minah:"aduh,geus ka genep bulana urang can mayar emok,boa boa urang ngke di serang ku ibu ibu carerewet"
Terus minah ngadenge aya sora motor panagih bank.
Minah:"waduh,urang wawuh sora motor eta,eh heeh eta teh sora motor si bulay,waduh kudu nyumput iyeu mah yeuh"(terus minah mangkat nyumput)
Panagih bank:"assalamualaikum,ceu minah,ceu minah,mau setor gak (heunteu ngajawab)hallo,ceu minah,saya bilang mau setor gak (eweuh wae,sangkan kesel,panagih bank eta ngagorowok)ceuuu minah,mau setoorrrr gakkkkkkk,hallo wkwk cekakak ini mah, bangkrut dah gue kalau punya pelanggan kaya gini"(bari mangkat)
Terus minah bersin keur nyumput"hachissssssss,waduh gawat tralala"
Panagih bank:"suara siapa itu,itu pasti suara ceu minah, ternyata ceu minah ngumpet,(terus panagih bank eta ngagoroan deui)ceu minah,hallo,saya tahu ceu minah itu ngumpet kan,ayolah sayang keluar"
Terus ceu dedeh datang ka imah ceu minah bari bersin.
Dedeh:"hachissssssss"
Panagih bank:"ouh ternyata si ibu ini yang bersin"
Ucah:"maaf mas,saha nya?
Panagih bank:"ouh saya dari tim bank keliling, ingin menagih Ceu minah"
Ucah:"teu aya sugan mas"
Panagih bank:"ouh,mari (bari mangkat)
Dedeh:"ouh,nyaho ayeuna mah, nyokotan teh lain ka bank eta wae iyeuh,kanu lain ongkoh,pantes koyo narempel"
Yoyoh:"heeh"
Adegan 2
Minah:"hah si bulay na mangkat euy,aing boro boro weh mayar bule alay,jeung mayar koyo nu dua rebu perak oge eweuh"(bari kaluar)
Dedeh:"eleuh anu tas nyumput, ngges nyumputna?
Minah:"eh eceu eceu,rek naraon kadieu?
Dedeh:"bulan ayeuna teh kudu naon?
Minah:"kudu naon nya?(watados)
Ucah:"kudu mayar emok"(nyorongot)
Minah:"eh, maaf nya ceu,urang mah can aya duitna,iyeu ge koyo meunah nganjuk di a sanjun"
Yoyoh:"ari eceu hayang hirup senang kunaon ngiluan emok atuh"(kesel)
Minah:"nya ari teu nyokot emok salaki teu daekeun gawe,salaki urang mah tukang molor nyaho teu?
Dedeh:"teu peduli,rek salaki tukang molor ke,rek salaki tukang kucubung ke,nu penting kudu mayar emok titik"(ngambek)
Minah:"ari eceu tega geuning ka sahabat teh?
Dedeh:"sahabat dari Hongkong,ari keur kasusahan,ngomongna lembut wae,ceu buru ayeuna mah kudu cokotan barang barang na"
Yoyoh jeung ucah:"asyap hayu"(bari mangkat kadapurna)
Minah:"jeh ulah atuh ceu,maraneh mani tega geuning ka urang teh"(bari gogoekan jeung kokosodan)
Dedeh:"nya paduliapa ari boga hutang mah,kudu mikir"(bari nyokot hihid)
Yoyoh:"heeh"(bari nyokot gelas penyu dibalangkeun)
Ucah:"barangna oge eweuh nu berharga ceu?(bari nyokot sendok)iyeu aya oge sendok ceu"
Dedeh:"kajeun bawa weh"
Terus minah rek ngarebut tessi eta tapi ulaheun ku dedeh.
Minah:"ulah atuh, urang dahar Ari jeung kulub kumaha?(bari ngarebut)
Ucah:"etttttttt"(bari ngarebut deui)
Dedeh:"ari maneh kunaon ceu,kudu rido atuh boga hutang mah"(ngambek)
Terus salaki na datang.
Eman:"heh,iyeu aya naon iyeu,barang barang imah aing rek di kamanakeun?(ngambek bari najong gelas penyu)
Dedeh:"heh pamajikan amang tara mayar emok mang"(bari nyorongot)
Eman:"tenang ku dewek dibayarlah (bari nyokot duit 4 ratus rebu,di awurkeun)yeuh tah banjut"
Ucah:"amang ulah ngadat atuh mang,kudu mikir ari boga pamajikan tara mayar emok mah"(kesel)
Yoyoh:"heeh,iyeu oge da can lunas iyeuh ka genep bulan mah"(kesel)
Eman:"tenang, ngke dewek neangan duit deui, emang cek maraneh ngala duit teh gampang,awewe mah bang bisa duduk manis di imah,nu merjuangkeun mah salaki, ayeuna marantog dah"(ngambek)
Dedeh:"selow,arurang oge rek mangkat didieu puahhhhh(bari nyiduh tapi eweuh ciduhan)yu eceu eceu"
Terus ibun ibu eta marangkat.
Eman:"maneh tuda nyokotan wae emok,nyaho boga salaki teh tukang molor"(kesel)
Minah:"maneh nyalahkeun ka pamajikan,nu salah mah maneh,nyaho butuh duit,malah nyantai wae,tah nu tadi teh kurang keneh duitna, kurang 8 ratus rebu,iyeu mah kudu urang nu ngala duit sorangan"
Eman:"emang dek ngala duit dimana?
Minah:"ka arab weh urang mah,da ngadon naon di imah oge,bang ditagihan"
Eman:"nya,ngke atuh urang rek menta izin heula?
Minah:"ngges ulah sagala menta izin,lila,maneh mangkat heula weh ka pak harun,titah pangnyieunkeun pasaratan heula,urang mah bodo hayang ayeuna mangkat na,kajeun pak harun embungeun ge,rek dipaksa"(bari baeud)
Eman:"heeh"(bari mangkat)
Terus tas di pangnyieunkeun pasaratan,pak harun neang ceu minah ka imahna.
Harun:"assalamualaikum"
Minah jeung eman:"walaikum salam"
Harun:"sadayana tos kabawa,baju,sabun,tiung,lengkap"
Minah:"ntos pak"
Eman:"pak,kade nya,abdi nitip pamajikan abdi"
Harun:"enya pak, ayeuna abdi reun rek menta izin ka bapak,jadi istri bapak teh ku abdi rek di berangkatkeun ka arab jadi tkw"
Eman:"enya pak abdi mah ditatadi oge geus diizinan da"
Harun:"abdi jeung pamajikan bapak mangkat nya"
Eman:"enya"
Harun jeung minah:"assalamualaikum"
Eman:" walaikum salam,minah ke akang kiriman duit nya,sing loba,lima juta,akang hayang meuli HP"
Minah:"can oge mangkat,geus ngagangsing"
Maaf mun aya kasalahan di pambuatan naskah drama iyeu,ucapan,jeung tingkah laku,karena abdi sareung babaturan abdi,masih tahap belajar.
Parantos

Komentar