Langsung ke konten utama

Jurig tukang neror jaman ayeuna

Di hiji SMA, keur aya teror,unggal peuting para penunggu sakola sok kaluar,nyingsieunan jelema nu can hees.
Peuting di sakola,aya dua osis ngarana teh Ilham jeung erna.
Erna:"ham,karare,eung kieu nya skola teh?
Ilham:"heeh nya er,ni sararieun kieu?
Erna:"geus ulah waka sieun,kan urang kudu jaga 4 jam didieu"
Ilham:"ni Lila nya 4jam teh?
Erna:"heeh sabar, ayeuna urang Carita naon weh,ambeh teu sieun"
Ilham:"Carita...bung ah,emang mantak teu sieun,yeh pembina osis kunaon coba,kan loba osis teh,eh malah urang duaan nu di titah"(kesel)
Erna:"sabar ini ujian"
Ilham:"hanjakal pisan jadi osis"
Erna:"ah,bang karek kieu ge mani geus hanjakal"
Ilham:"sieun koh"
Erna:"lalaki lalaki borangan,maneh mah lain lalaki sugan,banci"
Ilham:"emang maneh teu sieun?
Erna:"henteu da B ajah"
Di kantor,jurig sok biasa kumpul didinya unggal poe,memeh nyingsieunan,diantarana aya kakek pacul, kuntilanak,suster bohay, vampir,jeung the nun.
Kakek pacul:"aing mah, beurang hees, peuting liar, capek nya jadi jurig teh"
Kuntilanak:"hihihihihi,ari capek mah kunaon modar atuh"
Kakek pacul:"heh kunti,mun aing teu kapacul mah,aya keneh moal modar kos kieu iyeuh"
Kuntilanak:"loh nyolot banget yeuh aki aki"
Kakek pacul:"teu sopan tuda ka kolot teh"
Vampir:"heh, dilarang bersisik"(kesel)
Hantu:"berisik"
Vampir:"heeh eta"
Kuntilanak:"tuda kakek pacul nyolot"
Vampir:"engges kunti,ulah di lanjut wae ngomong na,kaput atuh sungut teh"
Kuntilanak:"heeh"
Terus suster bohay ngagoroan.
Suster bohay:"kakek pacul, kuntilanak, vampir,em caming"
Hantu:"aya naon suhay?
Suster bohay:"dipanggil ku the nun"
Vampir:"mana the nun na"
The nun:"naon vampir?
Vampir:"eh the nun, selamat bobo"
The nun:"emang urang teh manusa,nu sok hees"
Vampir:"eh heeh nya?
Suster bohay:"ari the nun,di ucapkeun selamat bobo,ari uka weh hanteu?
Vampir:"eh, selamat goreng patut suhay"
Suster bohay:"mani kitu maneh mah ka uka teh,uka teh geulis,mencrang,semok,bohay deuih kos syahrini"
Vampir seuri:"hahahahaahaahahaaahaahhahahaaaaa, Syahrini mana na, jeung kingkong karek sarua"
Suster bohay:"OMG hello, suster geulis kieu, disebut kingkong,heh bengeut maneh tah kos tai entog"
Vampir:"jeh, bengeut ganteng kieu disebut tai entog, padahal mah kos jonas rivanno"
Suster bohay:"ouh nu pertinyi inyi tea nya"
Vampir:"tukul eta mah"
Kakek pacul:"hari gini teu nyaho jonas rivanno, Jonas Rivanno teh pamain cinta suci,nu jadi si adit,bapana si Roni,mantan si suci"
The nun:"jadi ngomokeun film cinta suci geuning, arek moall nyingsieunan teh"
Hantu:"asyap"
The nun:"ke heula, dibagi bagian heula,kakek pacul di kamar mandi, suster bohay di ruang UKS, kuntilanak di ruang osis,vampir di kamar mandi guru"
Hantu:"oke,sip"
Terus,bu guru datang ka ruang osis make baju daster nyamperkeun Ilham jeung Erna.
Bu guru:"assalamualaikum"
Erna jeung Ilham:"walaikum salam"
Erna:"bu,tumben kadieu?
Bu guru:"ah,hayang nyaho weh tugas maraneh naon wae na iyeu"
Ilham:"ouh tugasna mah loba bu,kudu ngontrol,kudu ngisi daftar jadwal metingan na iyeu,jeung cicing weh na iyeu"
Bu guru:"ouh,sarieun teu?
Ilham:"sieun"
Erna:"henteu"
Bu guru:"Ari maneh eleh ku awewe,awewe oge teu borangan,piraku lalaki borangan"
Ilham:"nya,kitu bu,jobana teh sakola iyeu teh aya jurigan ih serem"
Terus aya sora pak goromlang"branggggg"
Ilham:"ahhhhhhhhhh"(ngajerit)
Bu guru:"idih tibang kaleng murag,mani ngajerit, Komo mun duaan mah, tiluan oge geus ngajerit"
Erna:"emang borangan bu si eta mah"
Bu guru:"ari borangan atuh titah jaga?
Ilham:"nya ari kabagian Bu"
Bu guru:"ah aya aya wae maneh mah,eh ke heula nya,bu guru rek ka kamar mandi heula sakeudeung?
Ilham:"emang ibu teu sieun?
Bu guru:"ah sieun naon,jurig mah sieunen ka ibu(bari mangkat)"
Terus di ruang osis eta jadi kareu,eng barang mangkat bu guru.
Ilham:"ih,jadi muringkak barang bu guru mangkat mah"
Terus Ilham nempoeun kuntilanak.
Ilham:"alah,naon itu,haaaaa,matana bolotot,er er?
Erna hare hare wae keur maca buku:"naon sih ngaganggu wae?
Ilham:"kabur yuk er?(ngomong lalaunan)
Erna:"ah emang kunaon kabur kabur,bu guru ke ngambek siah"
Ilham:"lain kitu, tempo katukang,tempo"(bari sieunen)
Erna:"naon si (barang Erna nempo katukang,buuk na rumbay)"ahhhhhhhhhh,kun kuntilanak"
Kuntilanak:"hihihihihhihihihihi, maraneh keur naraon didieu?
Erna:"keur ngopi kunti,keur maca lah,sia keur naon na iyeu?
Kuntilanak:"hihihihihhihihihihi,sia teu sieun?
Erna:"heh,inget,aing mah teu sieun iyeuh ka sia,aing mah sieun na oge ka Gusti Allah"
Kuntilanak:"hihihihihhihihihihi,ngaku weh sieun,solat sok ditinggalkeun wae oge?
Di kajadian eta, Ilham langsung teu sieunen deui ka jurig.
Erna:"ulah ngomong kitu maneh ka jelema,maneh ge keur hirup di dunia emang unggal poe sok solat kitu?
Kuntilanak:"hihihihihhihihihihi,akanan telat tobatna,jadi karek oge rek tobat, geus dipanggil ku Allah"
Ilham langsung kabur"ahhhhhhhhhh"
Erna:"jeh,malah kabur, urang ge kabur ah, ahhhhhhhhhh"
Kuntilanak:"hihihihihhihihihihi,ngaku we sok berani,ari babaturan na kabur mah,ngilu kabur hihihihihhihihihihi"
Di kamar mandi,bu guru ngarasa kareu,eng.
Bu guru:"waduh,sorangan deuih, teu jadi teu sieun teh,malah sieun"
Vampir:"hahahahaahaahahaaahaahhahahaaaaa"
Bu guru:"hah sora naon eta,(ngaliek lalaunan) ahhhhhhhhhh,heh jurig gelo,mantog sia"
Vampir:"waduh,aya si eneng goreng patut hayangeun ngalawan yeuh"
Bu guru:"OMG hello,heh jurig gelo, ulah ngahina maneh,geus jadi jurig oge,kieu kieu oge kembarana Zaskia gotik"
Vampir:"Zaskia gotik mana,kabogoh si buto ijo lain,anu dijieun lagu"
Bu guru:"Paijo,eh malah ngomong jeung sia,kaburrrrrr"
Pas dijalan, Bu guru tabrakan jeung Ilham."bukkkkk"
Bu guru:"aduhhhhh,ilhaaaammmmmmmmmm"(ngajerit)
Ilham:"eh maaf bu, Ilham oge nyeuri kan di tabrak ibu,ibu nanaonan kitu lulumpatan,jiga anjing hayangeun kiih?
Bu guru:"tadi aya vampir di kamar mandi guru?
Erna datang:"naon vampir,wah, jigana aya dua iyeu mah,tadi kuntilanak,ayeuna vampir"
Bu guru:"aya kuntilanak ongkoh,buset teuing,buru ayeuna cuang nyumput ka ruang UKS?
Murid:"hayu"
Terus manehna nyumput ka ruang UKS.
Bu guru:"buru buru buru"
Erna:"ahhhhhhhhhh"
Rampak:"ahhhhhhhhhh"
Suster bohay:"hihihihihihihihi maraneh dek naon kadieu"
Ilham:"heh jurig suster,maneh kunaon aya didieu,kuduna maneh jadi jurig rumah sakit?(bari hah heh hoh)
Suster bohay:"hello murid ganteng, urang mah heeh suster di rumah sakit,tapi balik balik aya nu modaran urang deukeut sakola iyeu, terus urang kekelepekan weh, terus tuluy jengker,jadi weh suster nu bohay"
Ilham:"iyeu jurig apa jelema sih,piraku jurig aneh kos kieu?
Suster bohay:"akanan jurig jaman ayeuna, hihihihihihihihi"
Erna:"geus vampir, kuntilanak, ayeuna suster,ke naon deui nya?
Terus kakek pacul datang bari ngomong"jurig kakek pacul"
Rampak:"ahhhhhhhhhh"
Kakek pacul:"hahahahaahaahahaaahaahhahahaaaaa galikeun imah jakeur imah urang"
Ilham:"pasti ke aya deui jurig,nenek gayung sugan,apa nenek goyang,apa nenek protek"
Erna:"aya aya wae maneh mah Ilham, piraku aya nenek protek?
Ilham:"bisi keur M"
Bu guru;"hayu buru kabur,geus kapergok koh"
Kabeh tuluy lalumpat ka kantor.
Bu guru:"hayoh buru asup, buru"(bari muka panto tuluy ditutupan deui)
Ilham:"bu kunaon urang nyumput bu,malah lain kabur balik?
Bu guru:"ibu poho, kunaon ibu ngajakan maraneh kadieu"
Terus the nun ngadengeun sora.
The nun:"ouh rupana manusa manusa teh teu sieunen ka anak buah dewek,ayeuna giliran dewek weh"
Erna:"bu,buru cuang kabur,mempeng jurigna teu nambahan deui?(riweuh)
Bu guru:"hayu"
Karek rek mangkat,the nun datang.
The nun:"hahahaha"
Rampak:"ahhhhhhhhhh"
The nun:"maraneh moall bisa kamana mana,moall bisa kaluar,sabab pantona geus ku urang di konci hahahahaaha"
Rampak:"hahahaha"
The nun:"anak buah,balik,balik"(terus jurig lain datang) jurig jurig nu pinter,ayeuna cuang tewaskeun manusa manusa iyeu?
Bu guru:"heh jurig goreng, songong sia,kakuatan manusa leuwih gede daripada jurig"(ngambek)
The nun:"sok buktikeun ku maraneh,manusa manusa"
Bu guru:"ke heula diskusi heula (maraneh na diskusi)heh Ilham Erna,maca ayat kursi bareng bareng"
Murid:"enya bu"
Bu guru:"siap"
Rampak:"audzu billah himinas syaithani razim..."
Jurig:"ahhhhhhhhhh panas, kurang ngajar"
Rampak:"bismillahirrahmanirrahim*
Jurig:"ngges ngges panas"
Rampak:"Allah hula ilaha ilahu wal hayyul qoiyum (nepi ka tamat)
Jurig:"geus ampun,panas,arurang janji moall kaluar di sakola iyeu deui,jeung neror kabeh"
Rampak:"deal?
Jurig:"deal"
Bu guru:"man saria marantog"
Jurig langsung mangkat ngaleungit.
Ilham:"Alhamdulillah nya bu,jurig eta teh geus angkat leungeun?
Bu guru:"enya,eta teh berkat babareungan arurang"
Erna:"nya bu,eh heeh bu, Erna sareung Ilham jaga deui teu bu?
Bu guru:"ayeuna kan geus marantog jurigna,jadi.......teu jaga?
Murid yeyeyeyyeyeyeyeeyyeye"
Bu guru:"et,ayeuna arurang kudu ngucapkeun wasalamualaikum hela"
Ilham:"ning?
Bu guru:"akanan tamat Carita horor na,buru panonton geus ngadogoan"
Erna:"ke heula bu,aya nu kurang?
Bu guru:"naon"
Erna:"ke heula,jurig jurig (ngagorowok)"
Bu guru:"et, kunaon malah di goroan deui"
Erna:"aya weh"
Jurig:"aya naon manusa,kan urusan arurang geus eweh deui"
Erna:"ngucapkeun salam,hayu ka penonton,maneh og narator hayu"
Bu guru:"ouh,sugan teh hayang lanjut deui dramana?
Rampak:"wasalamualaikum warahmatullahi wabarokatuh"
PARANTOS

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Korban bank emok, cocok buat drama 8 orang

Narator awewe Misbah-petani Eman-salaki minah Penagih bank-panagih keliling Harun-tukang mangkatkeun jalma nu jadi tkw Minah-tukang nyokotan emok Dedeh-katua Ucah-tukang nyokotan emok yoyoh-tukang nyokotan emok Narator:"sampurasun,aa aa teteh teteh,bapak/ibu guru,abdi teh rek nyaritakeun carita korban bank emok,jadi   jareumpling heula nya,seuri wios Ari aya nu lucu mah,abdi mulai nya nyaritana,di hiji daerah,loba anu nyarokot bank emok,bank emok teh nyaeta rame disebut bank kuriling,aya  hiji jalmi anu hobi nyokotan emok, tapi mayarna teu bisa, ngarana teh minah,di rorompokna,minah keur ngalamun bari nangkeup tuur jeung sirahna make koyo 2. Minah:"hadeuh aingah,kedeung deui emok deuih,jobana teh salaki teu balik balik di kamari,leheung unggal balik sok mawa duit mah,iyeu mah tibang mawa seseuhan" Terus salakina datang balik. Eman:"asalamualaikum" Minah:"walaikum salam,tah iyeu nya,lalaki teu tanggung jawab teh,awewe mah pusing mikiran emok,he...