Langsung ke konten utama

Program kasehatan mata desa ciraos

Di desa cibarengkok,aya jalma nu kacida sieun ka mitohana,ngarana teh Acang,acang teh bogaen 4 babaturan ngarana teh ikum,dudung,jeung adoy.
Di pos ronda tempatna, acang sareung babaturanana karumpul.
Ikum:"hey dung,maneh keur kamari kamana, geuning teu kumpul kadieu?
Dudung:"ah,biasa orang kaya mah kan sok balanja wae,tuh tempo jam Tangan urang alus nya?(pamer)
Acang:"buset bara duit pedut?
Dudung:"nya mahal lah,maneh mah moal bisa meuli jam kos kieu mah"
Acang:"alah,tibang jam kos kitu,di pasar loak Oge aya hahahahaahaahahaaahaahhahahaaaaa"(seuri)
Ikum ngiluan seuri:"hahahahaahaahahaaahaahhahahaaaaa"
Terus adoy datang.
Adoy:"assalamualaikum Kum"
Ikum:"walaikum salam doy"
Acang:"kunaon bang si ikum doang nu di ucapkeun salam?
Adoy:"nya nu nyurupna oge bang si ikum doang cang"
Acang:"alah"
Adoy:"eleuh,kang dudung,jam baru eta?
Dudung:"lain doy,nya heeh lah"
Adoy:"urang mah bang nanya atuh kang dudung"
Dudung:"kudu mayar rek nanya mah"
Adoy:"mayar baraduit kang dudung?
Dudung:"50 juta doy"
Adoy:"aduh,50 juta,tibang rek nanya mani mayar,urang boga na oge tibang sarebu"
Dudung:"ah teu kudu,geus ngomong jeung maneh mah teu ngarti"
Adoy:"teu ngarti naon atuh kang dudung"
Dudung:"maneh ulah nyieun urang kesel adoy"(kesel)
Adoy:"ouh"
Acang:"emang maneh ngarti doy?
Adoy:"henteu"
Acang jeung ikum:"hahahahaahaahahaaahaahhahahaaaaa"
Terus aya dokter cloro liwat.
Acang:"eh bu dokter, arek kamana bu?
Dokter cloro:"arek ka klinik kang acang"
Acang:"ouh sok atuh,ku urang dianterkeun?
Dokter cloro:"geus ulah, deukeut iyeuh da"
Acang:"ah,hayu"
Dudung:"heh gocang,mun mak sahu nyahoeun mah,di bengos maneh"
Dokter cloro:"punten kang"(bari mangkat)
Acang:"jeh bu dokter"
Terus mak sahu datang.
Mak sahu:"acangggggggggggg"(ngagorowok)
Acang reuwas:"astagfirullah alazim naon mak?
Mak sahu:"balik"(bari kekereket)
Acang:"tapi mak"
Mak sahu:"ah balikkkkkkkkk"
Acang:"heeh heeh lah"
Mak sahu:"buru nyeseuh"
Dudung:"mak,tadi acang ngagoda dokter cloro mak"
Mak sahu:"acangggggggggggg (ngagorowok)bener maneh ngagoda dokter cloro?
Acang:"henteu mak"
Dudung:"bener mak,ngabohong si gocang mah"
Acang:"heh pedut,mitnah sia"
Dudung:"jeh,bener tanyakeun teu percaya mah ka si sarkum jeung si adoy"
Adoy:"tanyakeun naon kang dudung"
Dudung:"henteu,embe kumisan"
Adoy:"ouh,maksudna urang kudu naon ka embe eta?
Dudung:"kudu nyium doy"
Adoy:"bung ah,bau kos kang dudung"
Ikum seuri:"hahahahaahaahahaaahaahhahahaaaaa.
Di imah dokter cloro aya febi jeung jinefer.
Dokter cloro:"eh aya febi jeung jinefer,aya perlu naon geulis?
Jinefer:"arek meuli obat"
Febi:"heh lain oge"
Jinefer:"eh,rek meuli pop ice"
Febi:"ihhhhh,eh Bu dokter,dek di pariksa mata,febi teh di sakola teh aya program kesehatan mata,jadi kudu di pariksa bisi aya kasalahan"
Jinefer:"eh heeh, jinefer ge sarua bu dokter"
Dokter cloro:"ouh,asup buru"
Di imah mak sahu,acang dihukum ulah kaluar imah.
Mak sahu:"daripada maneh ngagoaan warga wae,meningan maneh dihukum"
Acang:"ey mak,acang teh butuh ulin jeung babaturan acang"
Mak sahu:"terus gue harus bilang wow gitu"(bari nulakan panto)
Acang:"ey mak"
Terus dudung ngagorowok:"haaaaaaaa malang tah nasib maneh gocang"
Acang:"huhhhhh dasar pedut,ah gara gara si pedut,teu bisa kaluar (dudung nempoeun TV)ah untung Aya TV,meningan lalajo TV lalajo RCTI dunia terbalik"(terus acang nyetel TV)
TV:"permisa... dengan saya ledy onsis,ledi oon jeung narsis...permisa,di sekolah sekolah ada program kesehatan mata,
Tapi tidak di sekolah juga,di semua desa desa juga akan ada program kesehatan mata, pastikan mata anda tidak terkena Rabun atau plus ya,terima kasih dengan saya Ledi onsis melaporkan.."
Acang:"waduh,aya program kasehatan mata yeuh,mata urang alus teu nya"
Terus mak sahu ngoroan bari ngagorowok.
Mak sahu:"acangggggggggggg"(ngagorowok bari muka panto)
Acang:"Allahuakbar,naon mak?(reuwas)
Mak Sahu:"ngilu moal ka klinik dokter cloro, dek di pariksa mata?
Acang:"naon mak...ka klinik dokter cloro,nya ngilu atuh mak,asyikkkkk"
Mak sahu:"ettttt,awas mun diditu bobogohan jeung dokter cloro,titah di serahkeun...keun....keun....keun"
Acang:"nya mak,beh aingah"
Mak sahu:"naon?
Acang:"eh henteu mak,embe endogan"
Di klinik dokter cloro geus aya adoy,ikum, jeung dudung.
Dudung:"eh, pasangan suami istri dek kamarana yeuh"
Acang:"mitoha pedut"
Mak sahu:"dudungggggggg"(ngagorowok)
Dudung:"eh naon mak?
Mak sahu:"maneh tah kabogohna jelema burung, cemburu cemburu tah si ikeh?(kesel)
Acang:"hahahahaahaahahaaahaahhahahaaaaa (seuri)alus mak bener si eta mah pantes na oge ka jelema burung daripada ka si ikeh mah?
Mak Sahu:"maneh oge mirip tukul arwana acang"
Dudung:"hahahahaahaahahaaahaahhahahaaaaa,kena kena siah nyangseuri keun ka orang kaya"
Adoy:"cang nyaho teu,tadi kang dudung,rek mewek koh"
Acang:"hahahahaahaahahaaahaahhahahaaaaa (seuri) orang kaya naon kos kitu,orang kaya gelo ren"
Dudung:"ah ulah di dengekeun si mlehoy mah"
Adoy:"mlehoy naon kang dudung?
Dudung:"itu, domba ceulian,heh gocang,kade di jero di suntik koh"
Acang:"waduh,na naon ur urang mah ttttte sieun"
Dudung:"alah nyaho nyaho ngompol di calana weh"
Acang:"mak acang mah ke we nya panderi,ngantri iyeuh da"
Dudung:"bohong mak, sieunen di suntik hahahahaahaahahaaahaahhahahaaaaa"(seuri)
Ikum:"sutsssss,bohong cang teu di suntik iyeuh"
Acang:"nu bener sarkum?
Ikum:"bener"
Acang:"hahahaaha,panipu panipu"
Dudung:"sarkum,kunaon di bejaan?,
Ikum:"ngabohong teh dosa"
Dudung:"kajeun dosa Oge, urang nu ngalakukeun,maneh nu dosana"
Ikum:"sararudi teuing ah,maneh dosa na oge loba,geus pamer lah, ngabohong lah"
Dudung:"kajeun kan, lebaran oge pasti menta maaf"
Acang:"maneh mah lebaran karek 5 detik oge pasti geus nyieun dosa pedut hahahahaahaahahaaahaahhahahaaaaa"
Ikum ngiluan seuri:"hahahahaahaahahaaahaahhahahaaaaa"
Adoy:"kum kunaon maneh seuri?
Ikum:"nya seuri weh hahahahaahaahahaaahaahhahahaaaaa"
Adoy:"kum,kang dudung,cang,mak,hayu ka jero"
Rampak:"ngantri adoyyyy"
Adoy:"ehhhhh heeeehhh"
Di jero aya dokter cloro jeung febi jeung jinefer.
Dokter cloro:"jadi kieu,mata febi sehat,tapi kudu di pariksa sabulan sakali nya kadieu,kan barudak ayeuna mah lolobana nyarekel HP,jadi kudu di pariksa sabulan sakali"
Jinefer:"teh febi mah tara nyekel HP bu dokter"
Febi:"sing tara oge jinefer"
Dokter cloro:"tah mun jinefer,matana tos rada kena mint,jadi jinefer kudu di pariksa saminggu sakali nya geulis"
Jinefer:"ibu ari mint teh naon nya,permen lain,nu haneut tea?
Dokter cloro:"mint teh,mata jinefer jadi kumaha nya,jadi buram lah"
Febi:"bu dokter,mun rabun jeung mint beda henteu bu"
Jinefer:"nya jelas beda atuh teh febi,sabun mah paragi nyeseuh atawa kukumbah,piraku SMP teu nyaho sabun sabun acan"
Febi:"nembalan wae maneh teh jinefer,salahan wae oge,rabun lain sabun"
Jinefer:"selow atuh bro"
Dokter cloro:"kieu nya feb,rabun teh aya dua macam,nyaeta rabun jauh,jeung rabun dekeut,rabun jauh teu nempo nanaon ari jauh mah,ari deukeut,nu deukeut teu nempo,ari nu jauh nempo"
Jinefer:"ouh,bu dokter,mun odol jeung rabun beda teu"
Febi seuri:"hahahahaahaahahaaahaahhahahaaaaa,arek naon jinefer,arek nyikat gigi"
Dokter cloro:"aya aya wae tuda maneh mah jinefer, ayeuna giliran batur,nyaeta kang acang jeung kang dudung"
Terus jinefer jeung febi ngagoroan kang dudung jeung kang acang.
Febi jinefer:"mang acang,mang dudung, titah ka jero ku dokter cloro"
Acang:"waduh jeung sisa pedut deuih"
Dudung:"hahahaha,acang siap siap di suntik"
Acang:"huhhh dasar pedut"
Terus maranehna duaan ka jero.
Acang:"pedut maneh ti heula"
Dudung:"jeh,orang kaya mah sok pandeuri pan,suatu kehormatan"
Acang:"suatu penghormatan belekok'
Dokter cloro:"jeuy malah na areta,hayoh buru,bisi beak manten cai suntikana"
Dudung:"waduh,di suntik beneran jigana,kumaha nya,ah kabur weh,bu dokter ke heula meningan si gocang heula weh,urang mah hayang ka wc heula"(langsung lumpat)
Acang:"jeh pedut"
Dokter cloro:"kang acang,buru pang nyokotkeun cai suntikan murag tuh makin ngeclak wae,makaning gede bolongna"
Acang:"jeh,sugan teh di suntik"(bari nepak tarangbaga)
Mun sakitu panampilana.
Tamat

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Korban bank emok, cocok buat drama 8 orang

Narator awewe Misbah-petani Eman-salaki minah Penagih bank-panagih keliling Harun-tukang mangkatkeun jalma nu jadi tkw Minah-tukang nyokotan emok Dedeh-katua Ucah-tukang nyokotan emok yoyoh-tukang nyokotan emok Narator:"sampurasun,aa aa teteh teteh,bapak/ibu guru,abdi teh rek nyaritakeun carita korban bank emok,jadi   jareumpling heula nya,seuri wios Ari aya nu lucu mah,abdi mulai nya nyaritana,di hiji daerah,loba anu nyarokot bank emok,bank emok teh nyaeta rame disebut bank kuriling,aya  hiji jalmi anu hobi nyokotan emok, tapi mayarna teu bisa, ngarana teh minah,di rorompokna,minah keur ngalamun bari nangkeup tuur jeung sirahna make koyo 2. Minah:"hadeuh aingah,kedeung deui emok deuih,jobana teh salaki teu balik balik di kamari,leheung unggal balik sok mawa duit mah,iyeu mah tibang mawa seseuhan" Terus salakina datang balik. Eman:"asalamualaikum" Minah:"walaikum salam,tah iyeu nya,lalaki teu tanggung jawab teh,awewe mah pusing mikiran emok,he...